GIRIMIS TEU BAÉ RAAT
Asa geus peuting pisan. Girimis can baé raat.
Basa lilir téh, karérét adi kuring keur ngajanteng deukeut jandéla. Hordéngna
bangun ngahaja disingraykeun. Meureun ngarah laluasa nyawang ka luar. Leungeun
katuhuna baé nyampay kana sarigsig. Najan teu pati caang, cahaya lampu ti tebéh
buruan wasa nétélakeun yén adi kuring keur alum ngungun.
Ti peuting kamari kénéh, adi kuring puguh bangun
meunang pangabetah dina peta nu kawas kitu. Utamana mun mangsa peuting lantis ku
girimis cara ayeuna, manéhna sok ngajanteng deukeut jandéla, nyawang ka luar.
Kituna téh sok bari ngembeng cimata.
Hiji mangsa mah kungsi dideukeutan, laju ditanya
naha ku naon. Jawabna téh majar keur ningali Apa.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan,” omongna.Emh.
Diteuteup deui, manéhna bangun enya nu keur betah
nyawang ka buruan nu majar Apa keur ngajanteng lebah dinya. Sok lila kituna
téh. Éta baé, méméh girimis raat mah, bangunna cadu teuing kudu gancang lugay
tina deukeut jandéla geusan muru pangsaréan.
Ari peuting ayeuna, adi kuring geus ngajanteng
deui deukeut jandéla. Lebah pipina katémbong baé aya nu ngagurilap sésa cimata
nu ngamalir taya reureuhna.
Girimis di luar can kénéh baé raat.
Pirajeuneun kuring turun tina pangsaréan. Tuluy
ngadeukeutan muru manéhna. Sarérétan gé laju katangén, lebah juru panonna aya
kénéh sésa cimata, ngeyembeng bangun nu ngadago limpas.
Ti mangkukna mula, teu kalis ku dibeberah jeung
dililipur, ngungunna téh bangun nu taya anggeusna. Tuda enya, saréréa gé taya
nu teu ngarasa duheulang basa Apa nilar téh. Teu gering teu lungsé ieuh, Apa
bangun léah dipundut ku Nu Kagungan. Bari calik keur ngariung
balakécrakan satutas sambéang Magrib, Apa rubuh ngarumpuyuk. Kungsi
neuteup ka saréréa méméh enya nilar sabada ngucapkeun lapad Alloh.
Lah!
Diteuteup deui téh, adi kuring anteng baé
mencrong ka buruan. Ti tatadi gé da teu sing aya sasaha ari lain tangkal jambu
jeung pager beusi mah. Tuh, najan enya lampu ti tebéh buruan teu caang teuing
gé, puguh sidik taya sasaha atawa sugan aya nu ngadon ngulampreng rumingkang.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan…,” omongna deui.
Ema nu kitu téh deuih. Ti saprak Apa mulih téa,
Ema mah taya pisan kabéragan. Méh saban waktu Ema kudu waé bedah cimata. Tuga
gé Apa ngerelekna dina lahunan anjeunnna pisan. Malahan Ema ku anjeun bangun
enya ngiring ngedalkeun lapad Alloh. “Lailahaillalloh…”
Bet temahna, Ema
Sok rajeun katémbong numpi ngalangeu di
kamarna. Ana pareng dilongokan mangsa usum dahar, walonna téh can hararayang
atawa malik mariksakeun naha kuring jeung adi kuring geus dalahar atawa acan?
Leuh!
Di luar, girimis kalah asa beuki kerep. Sawaréh
mah sawér pisan kana kaca jandéla. Sora séahna bet sada-sada talatah Apa ti
kaanggangan, “Masing leket bebekelan ibadah keur bawaeun mulang…”
Ari dirérét, adi kuring kalah ka enya ngagukguk,
cimatana limpas cara cihujan di luar nu murubut sanggeus bahé ti luhur langit.
“Ku naon Apa teu keresaeun lebet ka bumi…?” cenahna téh.Disérangkeun ka buruan, cara tadi da puguh taya sasaha.
Kalah girimis beuki lila beuki kerep waé. Adi
kuring anteng kénéh ngajanteng deukeut jandéla. Leugeunna beuki pageuh
ngaranggeuman sarigsig. Tur kapireng deui inghakna beuki rosa waé. Sakapeung
témbong obah taktakna tina nahan piceurikeun nu boa pohara kacida.
Teu lila tina kituna, manéhna malik neuteup ka kuring. Mencrong salila-lila.“Ku naon Apa teu disina lebet?” tuluyna téh.
Kari kuring nu bati hémeng. Disérangkeun deui ka
buruan, angger taya sasaha. Sanggeus ngaleupaskeun leungeunna tina sarigsig,
ngan deregdeg baé manéhna ngejat ka luar ti kamar bari tuluy nelenyeng muru
panto hareup.
Basa dituturkeun gagancangan, bet srog téh horéng
Ema geus ngajanteng lebah dinya. Boa geus ti tatadi Ema ngajantengna téh.
Pannona témbong semu carindul. Cimatana baé gugurilapan katojo ku cahaya lampu
ti tebéh buruan.
Sajongjongan mah anteng baé neuteup ka kuring.“Pangnyandakeun paying di pengker kanggo Apa…,” tuluyna téh semu dareuda.
Basa diteuteup deui, Ema lir nu teu wasa
ngabedahkeun deui cimatana. Geus kitu mah, ngan segruk waé Ema muru korsi di
rohangan tengah tuluy nyaluuh bari nginghak.
Harita pisan deuih adi kuring ceurikna bedah sapisan. Girimis mah duka iraha
raatna.(Dicutat tina kumpulan Carpon Mini Sunda: “Ti Pulpen tepi ka Pajaratan Cinta”, diterbitkeun ku Lembaga Kabudayaan Mekar Parahyangan, Klub Pecinta Sastra Bandung, jeung PT Kiblat Buku Utama, 2002)
Masih keneh hoyong maos Carita Pondok? Seueur tur sararae deuih. Mangga paluruh wae di http://daluang.com/baca/kategori/carita-pondok

No comments:
Post a Comment